Cari Blog Ini

Juz' 1 Hal 09 Jajaran 01

Juz' 1 Hal 09 Jajaran 01

"Ulah ngajadikeun mangmang ka diri anjeun ~ dina jangjina Gusti Alloh ~ ku heunteu tumibana anu dijangjikeun ~ sanajan tangtu eta zamanna anu dijangjikeun ~ nyaeta supaya ulah bukti ~ kamangmangan ~ jadi kacacadan ~ dina paningali hate anjeun ~ sareung mareuman ~ kana cahaya leuleumeusan anjeun, teugeusna cahaya hate anjeun".

Hikmah.
Dina ieu hikmah Mushonnif bade meurtelakeun yen ku ayana heunteu bukti jangji Gusti Alloh, eta ulah ngajadikeun mangmang dina beuneurna perjanjian Gusti Alloh, tapi kudu boga kayakinan yen saeunyana Gusti Alloh bakal ngalaksanakeun dina waktu anu leuwih maslahat, sabab kadang-kadang eta peurjanjian Gusti Alloh datangna dijalankeun kana pirang-pirang sabab sareung syarat anu dipilih ku Gusti Alloh, anu katingali ku Gusti Alloh, tur heuteu katingali ku manusa. Maka sakuduna kudu adab ka Gusti Alloh bari teunang dina sakumaha anu dijangjikeun ku Gusti Alloh, ulah galideur sareung mangmang dina peurjangjiannana, sareung ulah goncang dina patekadan. Maka sing saha jalma anu nyicingan dina ieu sipat, teugeusna beradab dibareungan kalawan teunangna hate nalika heunteu bukti anu dijangjikeun, maka eta jalma parantos ma’ripat ka Gusti Alloh, tur salamet panon hatena. Sabalikna ari jalma anu mangmang dina jangji Gusti Alloh, maka ku mangmangna eta ngajadikeun cacad dina panon hatena sareung pareum cahaya rasiah hatena. Sareung ari anu dimaksud kujangjina Gusti Alloh, nyaeta sapeurtos jangji anu datang ka pirang-pirang Walina Gusti Alloh ku peurjalanan ilham, atawa anu datang ka pirang-pirang Nabi kalawan peurjalanan wahyu, sapeurtos Gusti Alloh parantos ngawahyukeun ka kanjeung Nabi kana bakal teurbuka nagara mekah dina waktos kanjeung Nabi bade beurangkat ka nagara Mekah sarta 1400 Sohabat, teuras kanjeung Nabi nyarios ka para Sohabat yen kanjeung Nabi bakal neupi ka nagara Mekah ~ Umroh, tur sanagara mekah bakal beurat asup kana agama islam, maka saparantosna beurangkat kanjeung Nabi dugi ka tanah Hudaibah teurus dihalangan ku kapir henteu meunang beurangkat ka tanah mekah dina ieu tahun, dugi ka kanjeung Nabi mulih deui ka Madinah. Tah ieu kanjeung Nabi hiji jalmi anu ma’ripat ka Gusti Alloh, anjeuna pasrah sareung heunteu ngaraos mangmang, maka ku Gusti Alloh dilaksanakeunnana teurbuka nagara Mekah, sareung Umrohna kanjeung Nabi dina taun hareup.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar